Pages

Sunday 17 April 2016

MAKALAH BAHASA SUNDA TARI JAIPONG

BAB I
BUBUKA

A.           Latar Belakang
Jaipongan nya éta hiji wanda seni tari nu lahir tina kréativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nya éta ketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipaké keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daérah Subang jeung Karawang.

B.            Rumusan Masalah
1.      Naon ai anu disebut Tari Jaipong Teh ?
2.      Timana Asal Tari Jaipong ?
3.      Jaipongan Mojang Priangan

C.           Tujuan
Supaya urang lewih nyaho kasenian tari jaipong jeung keur nyumponan salah sahiji pancen sunda







BAB II
PEDARAN

A.           Sejarah
Samemeh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggeng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebabkendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.
Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (KarawangBekasiPurwakartaIndramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban jeung Pencak Silat.
Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.

B.            Tari Jaipong Seni Tari Asal Jawa Barat
Jaipongan nyaéta seni tari anu lahir ti kreativitas saurang seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Manéhna terinspirasi dina kasenian rahayat anu salah sahijina nyaéta Ketuk Tilu ngajadikeunna nyaho sarta mikawanoh bener perbendaharan pola-pola unggut tari talari anu aya dina Kliningan atawa Bajidoran atawa Ketuk Tilu. Ku kituna manéhna bisa ngembangkeun tarian atawa kasenian anu kiwari di wawuh kalawan ngaran Jaipongan.
Karya Jaipongan kahiji anu mimiti dipikawanoh ku masarakat nyaéta tari “Daun Pulus Keser Bojong” sarta “Rendeng Bojong” anu duanana mangrupa jenis tari putri sarta tari berpasangan (putra sarta putri). Mimiti kemunculan tarian kasebut mimitina dianggap minangka gerakan anu erotis sarta vulgar, tapi beuki lila tari ieu beuki popular sarta mimiti meningkat frekuensi pertunjukkannya boh di média télévisi, hajatan, boh perayaan-perayaan anu disenggelarakan ku pamaréntah atawa ku pihak swasta.
Jaipong Ti tari Jaipong ieu mimiti lahir sawatara penari Jaipongan anu handal kawas Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali, sarta Pepen Dedi Kirniadi. Kehadiran tari Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para pencinta seni tari pikeun leuwih aktip deui ngali jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang di perhatikan. Kalawan mecenghulna tari Jaipongan ieu mimiti loba anu nyieun kursus-kursus tari Jaipongan, sarta loba dimangpaatkeun ku para pangusaha pikeun pemikat sémah ondangan.
Di Subang Jaipongan gaya “Kaleran” ngabogaan ciri has nyaéta keceriaan, erotis, humoris, sumanget, spontanitas, sarta kesederhanaan. Hal éta tercermin dina pola penyajian tari dina pintonanana, aya anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang. Istilah ieu bisa urang temui dina Jaipongan gaya kaleran, utamana di wewengkon Subang.
Tari Jaipongan dina ayeuna bisa disebut minangka salah sahiji tarian has Jawa Kulon, kasampak dina acara-acara penting datangna sémah-sémah ti Nagara deungeun anu datang ka Jawa Kulon, sok di sambut kalawan pertunjukkan tari Jaipongan. Tari Jaipongan ieu loba mangaruhan dina kasenian-kasenian séjénna anu aya di Jawa Kulon, alus dina seni pertunjukkan wayang, degung, genjring sarta séjénna anu komo geus dikolaborasikan jeung Dangdut Modern ku Mr. Nur sarta Leni nepi ka jadi kasenian Pong-dut. 

C.           Jaipongan Mojang Priangan
Karya jaipongan munggaran nu dipikawanoh ku masarakat nyaeta tari "Daun Pulus Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu mucunghul sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel saperti Tati SalehYeti MamatEli Somali, jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awal mucunghulna ibing ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu sentralna nyaeta gerakan nu erotis tur vulgar. Tapi ku ayana ekspos sababaraha media citak, ngaran Gugum Gumbira mulai dipikawanoh ku masarakat, komo deui sanggeus tari Jaipongan dina taun 1980 dipintonkeun dinaTVRI stasion puseur Jakarta. Balukar tina kasohoran ieu nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisihajatan atawa kariaan nu diayakeun ku swasta jeungpamarentah.
Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun leuwih aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. Tari Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah, di mana perkembangan kasempetan usaha sarupa kieu dijieun ku para seniman tari minangka usaha pemberdayaan ékonomi ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa grup-grup di sawatara wewengkon di Jawa Kulon, contona di Subang jeung Jaipongan gaya "kaléran" (kalér).
Ciri Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis, humoris, pinuh sumanget, spontan, sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta kaeunteung dina pola tari dina pintonanana, aya anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang. Istilah ieu bisa dipanggihan dina Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang. Dina pintonanana, Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang Gadung; 3) Buah Kawung Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun ku penari tunggal atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa ngawih nanging ngalagu sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa bagian pintonan sabot para panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam témpél. Istilah jeblokan diartikeun minangka pasangan anu tumetep antara sinden sarta panongton (bajidor).
Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug, Kuntul Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. Tina tarian-tarian kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan anu jago contona Iceu Effendi, Yumiati Teuneung, Miming Mintarsih, Nani, Erna, Mira Tejaningrum, Ine Dinar, Ega, Nuni, Cepy, Agah, Aa Suryabrata sarta Asep.
Kiwari tari Jaipongan kaci disebut salah sahiji idéntitas kesenian Jawa Kulon, hal ieu kasampak dina sawatara acara-acara penting anu patali jeung sémah ti nagara deungeun anu datang ka Jawa Kulon, mangka dipapag ku pintonan tari Jaipongan. Kitu ogé nalika aya misi-misi kasenian ka manca nagara sok dilengkepan ku tari Jaipongan. Tari Jaipongan réa mangaruhan kasenian-kasenian balaréa séjén anu aya di Jawa Kulon, boh dina seni pintonan wayang, degung, genjring/terbangan, kacapi jaipong, sarta ampir kabéh pintonan rahayat boh dina musik dangdut modern anu dikolaborasikeun jeung Jaipong jadi kasenian Pong-dut. Jaipongan anu dimimitian ku Mr. Nur & Leni.





BAB III
PANUTUP

A.           Kacindeukan
Jaipong  nyaeta  seni  tari  anu  lahir  tina  kakreatifan  saurang  seniman  asal bandung  Gugum  Gumbira.  Ajeuna  kainfirasi  ku  ka  senian  rakyat  anu  salah  sahijina nyaeta  ketuk   tilu  nu  ngajadikeun  apal  jeung  paham  bener  kana  pola-pola  gerak  tarian tradisi  anu  aya  dina  kiiningan  jeung  bajidoran  atawa  ketuk  tilu,  nepikeun  ajeuna  bias ngembangkeun  tarian  atawa  kasenian  anu  ayeuna  kasohor  ku  ngaran  jaipongan.
Karya  jaipongan  nu  mimiti  kasohor  di  masyarakar  nyaeta  tari  “Daun  Pulus Keser  Bojong”  jeung  “Rendong  Bojong”  nu  mangrupakeun  rupana  tari  putri  jeung  tari papasangan  (pameugeut  sareung  istri)  mimitina  kahadiran  tarian  eta  mimitina  di  anggap  gerakan  anu  erotis,  jeung  vulgar.  Tapi  lila  kalilaan  beuki  popular  jeung  beuki ningkat  frekuensina  dina  pentas-pentasna  rek  nu  dina  TV,  hajatan  oge  dina  parayaan-parayaan  nu  sok  disalanggarakeun  ku  pamarentah  atawa  pihak  sawasta.

B.            Saran
Kasenian Tari Jaipong teh kiwari geus mulai teu kasohor deui sabab loba pisan kabudayaan barat nu asup ka Indoensia. Kuasabab kitu urang kudu ngamumule kabudayaan Tari Jaipong ieu ameh teu punah.





DAFTAR PUSTAKA



No comments:

Post a Comment